nyapedah..........
Wilujeng Sumping Di Situs Barudak Commel
Awal mula dibanguna situs ieu teh sanes bade nyombongkeun diri, tapi ieu situs teh saukur panyalur kabisa sareng hoby na sabagian barudak Tasik anu hobyna nyapedah tur heureuy bari nyehatkeun.
Hiji wanci barudak nu sok marangkal di warnet planet simpang lima tasik arulin bari ngaropi jeung heureuy papoyok-poyok, teu jauh da moyok mah kana fisik wae ari moyokan teh.........
Tah kulantaran sasarana kana fisik wae...tidinya muncul ide kumaha carana nu dipoyokan ulah kapoyok deui....nya kaluar ide nyapedah teh.....ari mimitina mah nyapedah teh saayana we da kulantaran awak asa bareurat barudak teh..(nya puguh da gawena ngan dariuk waer jeung ngabako). hiji mangsa Abah sareng Emon ngamimitian nyapedah duaan.....terus we kang wawan ngiring...teu lami teh jang iyoy sareng cep ogi panas hoyong ngiringan ceunah......tah ayeunamah barudak sareng kokolot teh unggal minggu sok dirutinkeun nyapedah..pokoknamah tiada minggu tanpa nyapedah we lah..heuheuheuheu